demi wanci-satemenna jalma aya dina rugi-kajaba jalma anu iman-anu migawe amal saleh-anu silih wasiatan kana jalan anu hak-jeung anu silih wasiatan kana jalan kasabaran

Selasa, 19 Januari 2010

SEKESELER


Sekeseler turunan buyut Karsinem mungguhing anu kapendak tepi ka sungapna jeung anu kajujut tepi ka puhuna, netelakeun yen buyut Karsinem muasal ti nagara pasundan, seuweu siwi nagri basisir. Tur nyebar ngaburial baranahan di tatar kaler, ti awit Pangasinan-Telukjambe-Karawang tug tepi ka WarungLaban-Pabuaran-Subang. Samalah nurutkeun beja pabeja-beja mah, ka kulonna tepi ka sagara sunda, ka wetanna tepi ka nagri wali. Atuh kabeh dieunakeun, anu dumuk pamatuhannana anu nyampak alamatna, ka kulon tepi ka nagri Serang, ka wetan tepi ka nagri Surabaya. Asal tina duaan, ngabaranahan ngalobaan tepika udegudeg-gantung siwur-janggawareng.

Mapay lacak lantarannana, nyusul galur karuhunna, turunan Karsinem anu kapanggih teh :
(asma buyut : katelah, padumukan : turunannana)

badraKI BUYUT NYAMAN : Bapa Sekul, Cinangka-Pabuaran : Sekul-Nyainem-Nyaimah-Rahman
KI BUYUT SALIAN : Bapa Nariah, Gandaria-Karawang : Nariah-Bayot-Iming
KI BUYUT CABE : Bapa Jairan, Cibanteng-Rengasdengklok : Jairan-Jailin-Janiin
KI BUYUT JAIAN : Bapa Sairin, Ciranggon-TelukJambe : Sairin-Saniin-Sarinah-Sa’ih-Sayun-Sarwi
KI BUYUT JAILAN : Bapa Saija, Pangasinan-TelukJambe : Sampeu-Limpeu-Elong-Tanggok-Ehon
KI BUYUT ME’AN : Bapa Amat, Cibeureum-TelukJambe : Amat-Jabag-Arwah-Nyiman-Idam-Idol
KI BUYUT SAINI : Bapa Inteng, Calung-Karawang : Naisan-Nasiman-Andun-Asiman
KI BUYUT BEKONG : Bapa Geboy, Cigaleuh-Pabuaran : Geboy-Sabun-Gantang-Jilot-Kadi-Kati
KI BUYUT JEOD : Bapa Kumpay, Cigaleuh-Pabuaran : Kumpay-Sainah-Jiin
NINI BUYUT KAENAH : Ambu Sainah, Cibeureum-TelukJambe : Sainah-Sakiah-Neong


LIMPEU+SAKIAH = Anter-Ribut-Saenan-Aminah-Jano-Monong-Gubar-Nurhasan-Iang, anu ngababakan di Pangasinan, Wadas, Telukjambe, Karawang.
JIIN+KAISEM = Ada-Ibong-Enok-Raid-Ganong-Siman-Inot-Ecot, anu ngababakan di Warunglaban, Pabuaran, Subang.

Nurhasan = Naisan, Suriya, Sunarya, HS Ronggowaluyo
Inot = Hj.Siti Ayinah

Nurhasan+Inot = Mursih-Muhammad Tirta-Tuti Hasanah-Muhammad Tomigunadi-Muhammad Tahya-Siti Nurjanah-Muhammad Taufiq Hidayat


ti kenca ka katuhu : (calik) Bapa Nurhasan sareng Ema Inot
(ngadeg) M.Tirta, Tuti Hasanah, M.Tomigunadi, M.Tahya, St.Nurjanah, M.Taufiq Hidayat, Artini
(ket : Artini, puterana Ecot rayina Inot)

Geus lumrah, lamun aya patanyaan ngeunaan turunan saha, jawabna anggeus samet aki atawa nini. Ngan saeutik anu bisa ngeceskeun tepi ka buyut mah. Sok komo ngajentrekeun tepi ka karuhun pangakhirna saperti jangga wareng-gantung siwur.
Karuhun urang sunda mah pareleanna teh kurang leuwih kieu : mimiti ti urang salaku anak, tuluy naek kaluhur anu deukeut nyaeta kolot urang anu sok disebut bapa atawa ema atawa papap atawa mamah jeung sajabana anu lumrah disebut bapa jeung ema tea. Tuluy naek deui ka luhur, nyaeta aki atawa nini. Sakapeung aya anu nyebut opah jeung omah, aya oge anu nyebut engkong jeung nanahaon ari keur awewena teh, engking kitu. Aya oge anu ngabasakeun abah jeung mamah. Mani rupa-rupa ngabasakeun teh. Keun kuma karepna we eta mah. Da basa mah teu kudu meuli jeung taya larangannana ieuh.
Geus aki, kadituna naon ? Biasana ngabasakeunna teh buyut. Aya oge anu ngabasakeun uyut, atawa uu, atawa....... padu ulah beruk we atuh. Buyut lalaki jeung buyut awewe, disarebutna teh cukup buyut weh. Eta oge kalolobaan mah karek ceuk cenah. Ngan saeutik anu kungsi amprok jeung buyut teh. Dalah jeung aki atawa nini oge ngan saeutik anu kungsi panggih bari jeung seubeuh babarengan jeung anjeunna. Kalolobaan mah amprok jeung aki atawa nini teh samet umuran budak pantaran sakola es-de. Umuran es-em-pe komo es-em-a mah jarang pisan anu kungsi babarengan, sok komo bari jeung seubeuh ku pangogona mah. Kangaranan aki jeung nini tea ari ngogo incu teh apanan mani sok bebeakan, dibelaan anu rek dihuapkeun oge sok tuluy..... diselewegkeun, da nyaah ka incu. Aeh,... salah nya. Maksud teh tuluy teu jadi dihuapkeun, da tuluy dibikeun ka incu. Saking nyaah ka incu. Ongkohna deui incuna mani nurustunjung, mani tega. Dahareun anu rek dihuapkeun ku aki atawa ninina dipenta. Tapi, keun, jamak, da kitu lumrahna di urang mah.
Ngan anu jadi pasualan teh, nyaeta incuna. Kumaha mulang tarimana kanu jadi aki jeung nini-na teh ? Indung-bapana incu mah tong disoalkeun, da geus kitu lumrahna, sok mopohokeun babakti ka kolot.
Teu kudu mulang tarima ku hal anu sipatna materi atawa harta. Moal butuheun !. Cukup ku nyambungkeun silaturrahim, geus cukup! Silih pikanyaah, silih pika-asih, eta anu dipamrih ku aki jeung nini na teh. Sok komo mun direumbeuy ku silih anteur wanci keueung, silih teang mangsa keur melang, silih tulung waktu keur butuh, silih oboran mangsa kapoekan, jeung sajabana. Lain ngahutangkeun, sok komo ngabungakeun mah, eta mah pagawean rentenir, lentah darat. Jeung dulur mah silih bere, kalawan ikhlas. Henteu pamrih.
Saluhureun buyut naon ?
Tuuuh ! Kalah ka pating haruleng !
Anak-bapa-aki-buyut-tuluyna naon...........?!?
Udegudeg-janggawareng-gantungsiwur !.
Lamun diparelekeun mah kurang leuwih kieu : anak teh turunan bapa–bapa turunan aki-aki turunan buyut-buyut turunan udegudeg-udegudeg turunan janggawareng-janggawareng turunan gantungsiwur.
Ari gantungsiwur turunan saha ?
Nya, turunan bapana gantungsiwur atuh !
Geuning ?
Apanan ngan sakitu perenahannana karuhun urang sunda mah. Anu kapendak teh ngan samet gantungsiwur.
Naha ?
Komo urang Amrik mah ripuh pisan. Ngan samet grandpa jeung grandma. Geura pek urang papay. Kid-dad-grandpa, kadituna mah ngacapruk ngabasakeun nana oge. Malah teu saeutik anu teu wanoh jeung grandpa-na teh. Samalah anu teu wawuh jeung bapana oge loba. Apanan diditu mah teu saeutik indung anu henteu boga salaki teh. Waktu anakna nanyakeun bapana, apanan teu saeutik anu indungna tuluy ngawadul. Pajah teh, your dad has died. Padahal mah saking bingung nyebut keun anu mana bapana teh. Da loba teuing ! Bari jeung kabehna oge lalaki teu eucreug !.
Anu matak urang mah kudu bagja, geus dijadikeun urang sunda, anu wawuh jeung jelas turunannana. Lain turunan sangkuriang, anu bapana kirik, akina bedul ! Paralun teuing !
Bapa, mugi Allah maparinan rahmat-Na, geus nembongkeun yasana. Nyarungsum sekeseler urang. Urang kudu bagja boga kolot jiga Bapa HS Ronggowaluyo. Ageung pisan yasana teh. Urang jadi wawuh jeung turunan.

InsyaAllah !.

Cag...!